Friday, 20 November 2015

PUPUH MASAKUMAMBANG & SINOM

CONTO PUPUH MASKUMAMBANG SARENG SINOM

1. MASKUMAMBANG
Laras : Madenda
*Aduh ibu naha tega ngantun abdi
 teu acan dewasa
 abdi sareng adi adi
 males budi ka salira
*Ibu tangtos sering pisan rengat galih
 Abdi nu bahula
 Ayeuna mung ukur ceurik
 Mun emut dosa harita
2. SINOM
Laras : Madenda
 Mapang balebat ti wetan
 Ngabring leumpang ngagaridig
 Barudak rek sarakola
 Kapireng pating hariring
 Paheula-heula nepi
 Unggal isuk geus ngabaku
 Bari garogonjakan
 Estuning saru ka ati
 sarerea hayang geura dialajar


No comments:

Post a Comment